Gapura

PANGAWERUH

Dina jaman sajarah tulisan ngarupikeun poko sumberba kabudayaan nu mawa akibat kana nerekabna elmu pangaweruh kamana-mana. Salajengna tingkat kahirupan manusa jadi luhung margi di barung ku kamajuan teknologi, naekna tingkat kahirupan sareng kabudayaan the mawa akibat pentingna elmu pikeun manusa, margi jabi ti mukakeun lalangse kahirupan, elmu the mangrupa pituduh kana jalan kahadean sareng agama, sareng jadi panglipur kana manah anu nyangkingna.

Ka jelema nu pinuh ku elmu sarta jembar ku pangabisa, Alloh bakal ngangkat darajat sababaraha darajat. Sangking pentingna elmu keur manusa nabi SAW parantos ngawajibkeun milari elmu sanajan ka nagri cina. Tapi sanaos nyiar elmu teh wajib, teu sadayana wajib ain, pangpangna elmu urusan kadunyaan et amah hukumna wajib kifayah. Anu wajib ain mah dina urusan agama utamina ibadah, margi moal sampurna ibadah mun teu jeung elmuna.anapon dina urusan dunya mah teu kedah sadayana ngagaduhan elmu husus, upamina elmu kaguruan,kadokteran,tatanen sareng dagang etamah serah keun we ka nu ahlina masing-masing.

Upami sadaya jalmi ngagaduhan elmu husus anu sami,kahirupan di dunya the bakal mogok moal rame, margi ari pangabutuh jalmi mah rupi-rupi.butuh ku kadaharan,butuh pakean,butuh kasehatan, pendidikan sareng sajabina. Maka kangge ngalengkepan sadayana kedah aya bagi tugas anu sampurna sareng kabutuh anu kitu the di cangking nu ahlina, jadi hirupna jelema mah sili seblok silih tulungan. Silih geuoing jeung pada baturna, anu numutkeun urang sunda mah”silih asih,silih asah,silih asuh”.geuniongan saur sepuh oge di dangding dina pupuh pucung anu unggelna teh:

Utamina jalma kudu rea batur

Keur silih tulungan

Silih titipkeun nya diri

Budi akal lantaran toi pada jalma.

Nyanbung………..

CINTA RAHWANA

Rahwana atawa damasuka,raja ti alengka di gambarkeun salaku tokoh jahat. Maneh na teh raja sarakah malah mun kongang hayang ngawasa dunya oge ngawasa alam kadewataan.kapan bogohna oge manehna mah ka widadari ti kahiangan. Lamun mah ayeuna nyoso bogoh ka dewi sinta ku sabab ieu wanoja di percaya titisan widadari ti kahiangan.Tapi lamun mah rahwana sakitu jumawana dina nangtukeun kahayang da teu salah –salah teuing, da bongan pamentana di tedunan ku para dewa. Harita rahwana the ngayakeun tapabrata. Ku sabab tapana sakitu mantengna, atuh matak ngageunjleungkeun jongring salaka.para dewa rariweuh nya baratanarada di utus turun ti kahiangan ka marcapada nalek kahayang rahwana.“ari maneh boga kahayang nanahaon eta tapa mani ngariweuh keun batur?”saur batara narada. Atuh daradad rahwana nyebutkeun pamaksudannana yen manehna hayang sakti mandraguna.hayang boga sapuluh karakter, hayang boga umur anu panjang sababad jeung umur dunya.Jigana batara narada embung riweuh da ujug-ujug di tedunan bae.“kop bae maneh boga umur nu panjang, satungtung dunya acan kiamah kajahatan maneh tetep muncul jang ngganggu jalma-jalma nu leutik imanna!saur batara narada.Atuh rahwana surak bakating ku bungah, saha nu teu hayang boga umur panjang, jadi ceuk carita rahwana moal paeh satuingtung dunya can kiamah.gawena ngaraja wisuna,mulak malikeun bebeneran jeung nganiaya jalma bener .ukur hiji bebneneran anu aya di rahwana mah nyeta dina nembongkeun rasa kacinta.sanajan enya geus maling pamajikan batur, tapi manehna tetep miikahayang yen awewe anu di palingna the males rasa cintana. Hartina, ari ka wanoja anu di picintamah, rahmana the emung paksa pirusa, embung ngagadabah jeung merkosa.taun-taun dewi sinta di kungkung di kaputren karajaan alengka, ajen kawanitaan dewi sinta henteu diganggu, rahwana hayang dewi sinta teh daek ngaladenan dirina ku rasa cinta deui.cinta ti awewe ka lalaki.tepi ka ceurik nabangingik rahwana sangkan dewi sinta mikacinta dirina…..

“Hariring di tengah peuting

haleuang na mangsa beurang “

Bulan langlayangan peuting

bulan teh langlayangan peuting

nu ditatar dipulut ku tali gaib

entong hariwang mun kuring miang

ditatar ti tatar sunda di pulut nya balik deui kadieu ieuh

masing percaya

bedil geus di peloran

granat geus di sorendang

ieu kuring arek miang

jeung pasukan siliwangi

ka jogja hijrah taat parentah

bulan teh langlayangan tineung

nu ngoleab nu ngapung ku angin gaib

ulah salempang mun kuring anggang

kapiraray tanah sunda

dipulut nya balik deui kadieu ieuh masing percaya

hate geus gilig pisan

niat geus buleud pisan

ieu kuring arek miang

jeung pasukan nusaati

nu miskin,,,..kamanakeun,….kumahakeun,….???

kangjeng prabu nuju andekak sila dina korsi gading gilang kancana, bae sila ge da harita mah keur teu ngayakeun sinewaka.para senopati kabeh keur ngalaksanakeun tugasna sewang-sewangan. nu aya ngan ukur mang lengser.”lengser….! lengser…! kadieu eum…!dawuh timbalan,kaulanun….”lengser cedok nyembah,diuk sila mendeko hareupeun kanjeng prabu.”sugan aya laporan anyar nun keur lumaku di ambarahayat?”Aya kaulanun”,soal naon?”..”perkawis anu miskin beuki seueur nambihan,,kulan.” ”bongan na atuh” bongan naon kaulanun? heueuh bobgan na rahayat teh beuki nambahan. lain kaula teh geus nitah KB?tah kitu balukarna loba teuing budak teh,gajih saeutik, anak pamajikan teu kaparaban, ngagantung maneh we balukarna!yaktos kaulanaun, namung…” “namung naon?”sanes eta rupina waleran anu di pikahoyong ku ambarahayat mah?”naha kudu nyarita naon kaula?kumaha carana malar nu miskin jumlahna ngirangan kulan” atuh bacacarkeun we sawareh, transmigrasikeun,sawareh iangkeun jaradi TKW beres pan?”teu garaduh kaahlian …kaulanun”. sanes tukang ngabukbak leuweung da puguh hirupna di kota,mun di damel di manca nagara paling jadi babu ayawa tukang ripuh asa teu merean simkuring mah watirr…ari ras ka diri sorangan.komo seuseueur namah kitu we jasdi andar-andar(galanangan)neba sareng ngaleuya minuhan parapatan…!”eureunkeun etah.teu meunang jadi andar-andar,teu meunang jadi pangamen,teu meunang jadi tukang dagang asong, supaya kapokeun masarakat umum ulah ngaladenan maranehna,tibanan hukuman beurat kanu coba-coba mere maweh ka andar-andar nya!!'”supados naon kaulanun?””har….lain ceuk andika tadi nu miskin jumlahna kudu di kurangan? ari nyaho moal pada mere mah tangtu andar-andar lalunta ngajauhan kota, tuh pan kota jadi lalening?jadi berseka moal sareukseuk.kitu saur kangjeng prabu…tapi teu di haminan ku lengser….tugenah meureun jawanban prabu teh teu surup jeung harepan nana.

Dialog Drama Basa Sunda Judul : Kalung BerlianPeran:
1. Loisel
2. Nyi Loisel
3. Juragan Mentri George Ramponneau
4. Istri Juragan Mentri George Ramponneau
5. Nyi Forestier (Nu diijeuman perhiasan)
6. Nyi Matilda (Tukang Butik)
7. Pulisi
8. Tukang Iklan
9. Babaturan Loisel
10. Latar

Latar :
Aya hiji wanoja ngaranna Anne.Manéhna téh salah saurang wanoja anu nya ngora nya hadé rupa, tur pikayungyuneun deuih, ngan hanjakal, sasat goréng milikna baé, bet dikadarkeun jadi anak pagawé. Teu maskawin, teu cita-cita, sumawonna dipikawanoh, diajénan, dipikahéman tur dipileuleuheungkeun ku nu gandang tur beunghar mah; nya teu bisa majar kumaha, ukur sadaya-daya wé basa dikawin ku pagawé leutik ti kantor Déwan Atikan anu ngaranna Loisel. Ayeuna ganti ngaran jadi Nyi Loisel.
Nyi Loisel hirupna basajan, taya bangsana nyenangkeun manéh; ngan orokaya teu bagja, cara ilaharna golongan manéhna; tuda lain sasaha, pira wanoja ti golongan cacah kuricakan; enya gé laluis tur laluwes tapi da heureut deuleu pondok léngkah, ukur bisa cameubleu di imah.
Nyi Loisel teu weléh nguluwut marungkawut, awahing ngarasa diteungteuinganan, da cék pikirna pantesna mah hirupna téh binarung kasenangan. Ari di imah éstuning lieuk euweuh ragap taya, rét ka kénca rét ka katuhu téh ukur bilik nu geus buruk, korsi réyod tur paparabotan butut.
Hiji mangsa, wanci sareupna, salakina balik mani hariweusweus bari ngagigiwing amplop badag.
Loisel : “Tah, …keur Nyai.”
Nyi Loisel : …. Nangis…
Loisel : “Hih, ari Nyai, panyana téh rék bungah. Nyai téh kapan tara ka mamana. Ayeuna meunang kasempetan, tur langka deuih kasempetanana gé. Hésé béléké Akang meunang ieu ondangan téh. Batur mah harayang, da puguh nu diondangna gé lain jalma joré-joré. Sok wé sebutan tibang sabaraha urang nu meunang ondangan sarupa kieu. Geura, di ditu mah urang bisa patepung jeung sakumna bangsa ménak.”
Nyi Loisel : “Na majar kudu kumaha ari meunang nu kitu?”, “Nya naon atuh nu kudu dipaké?”
Loisel : “Kapan aya baju nu ku Nyai dipaké basa urang lalajo sandiwara téa geuning. Katingalina ku Akang mah kacida kéwesna…”
Nyi Loisel : “ Ah…, henteu.”
Loisel :, “Urang ka Matilda geura, yu. Sabaraha nyah pangajina papakéan nu pantes téh? Nu basajan wé, nu sakirana bisa dipaké jang acara séjénna?”
Nyi Loisel : “Duka atuh sabaraha-sabarahana mah. Ngan ku kira-kira mah moal kurang ti opat ratus franc.”

Loisel : “Heug atuh. Ku Akang Nyai rék dibéré duit opat ratus franc. Kahadé sing bisa milih nu alus bajuna.”

Latar : Saenggeus Nyi Loisel dibéré duit, manehna geuwat muru ka toko butik Matilda rék mesen baju. Di toko butik Matilda :
Nyi Loisel : “ Nyi Matilda…, Numananya baju nu pantes kanggo kaondangan Juragan Mentri ?”
Nyi Matilda : “ Ieu, nu saé mah…, bahana sutera asli ti Cina”
Nyi Loisel : “Oh…. Tapi sabaraha pangaosna?”
Nyi Matilda : “Mung…. Tilu ratus tuju puluh lima franc.”
Nyi Loisel : “Sabaraha lami anggeusna ?”
Nyi Matilda : “Tilu dinten gé tos réngsé.”
Nyi Loisel : “Omatnya sing saé!….”
Nyi Matilda : “Sing percantenlah ka abdi!.”
Latar : Geus deukeut kana poéan pasamoan, Nyi Loisel katémbongna kalah alum tur beuki guligah baé. Ari pibajueun téa mah geus méh anggeus dikaputna. Dina hiji peuting pok salakina nanya
Loisel : “Aya naon deui Nyai? Geus aya kana dua tilu poéna Nyai katénjona teu cara sasari?”
Nyi Loisel : “Asa teu pararantes ari taya perhiasan hiji-hiji acan mah. Teu emas, teu inten. Rék kumaha alus katénjona. Asana mani nyirikeun teuing taya kaboga téh. Lah, asa leuwih hadé tong tulus baé ka ditu téh.”
Loisel : “Kembang-kembang atuh tapelkeun. Dina usum kieu mah geura pantes téh kacirina mun kembang dijieun papaés. Ku pangaji sapuluh franc gé Nyai bisa maké dua tepi ka tilu kembang eros nu aralus.”
Nyi Loisel : “Lah, …barina gé aréra teuing pagilinggisik jeung istri nu baleunghar bari jeung dangdan teu maké perhiasan sasiki-siki acan.”
Loisel : “Na urang téh belet kabina-bina! Kapan aya Nyi Forestier. Geura ku Nyai tepungan pikeun nginjeum perhiasan. Geus wanoh ieu.”
Nyi Loisel : “Aéh, enya!” pokna. “Na mani teu kapikir nya.”
Latar :
Isukna manéhna nepungan baturna téa ka imahna, terus ngadongéngkeun naon nu keur karandapan.

Nyi Loisel : “Nyi Forestier, kuring butuh perhiasan pikeun nyumponan ondangan pa Menteri”, “Kuring kadieu seja rek nginjeum ka anjen”

Nyi Forstier : “Sok wé milih nu mana, Nyi.”

Nyi Loisel : “Nu ieu we, kalung berlian, mani alus pisan…”, “ Nuhun pisan.. Nyi, ké ,lamun enggeus rék geuwat dibalikeun deui”. “Teu nanaon mun nu ieu? Nu ieu wungkul?”

Nyi Forestier : “Hih, atuh pék baé. Piraku teuing dikorétkeun.”
Latar :
Cunduk kana waktuna pasamoan téa. Teu wudu Nyi Loisel tinemu jeung kabagjaan. Éstu panggeulisna, luis tur luwes, komaraan, amis budi tur hégar. Sakur lalaki nu aya di dinya kabéh neuteup ka manéhna, ngajak pancakaki, tur hayang wawanohan. Sakabéh anggota Kabinét nu sarumping pada-pada ngajak ngawalsa ka manéhna. Dalah Juragan Menteri Atikan gé mani rét deui rét deui.
Babaturan Loisel : “Ngiring bingah Pa Menteri, Bu Menteri”
Juragan Menteri& Istri juragan Menteri : “Nuhun,..”
Loisel : “Ngiring bingah Pa Menteri”
Juragan Menteri : “Nuhun”. “ Loisel, … anjeun bagja boga pamajikan geulis….”, “kahade,… sing at-ati bisi aya nu ngécéng!”
Loisel : “Hatur nuhun, Pa Menteri”, “Mugia abdi sing tiasa ngajagina.”
Istri Juragan Menteri : “ Duh…, mani sae kalungna…”
Nyi Loisel : “Hatur nuhun, ah mung sakieu-kieuna Bu…”
Juragan Menteri : “ Loisel, … sok tong asa asanya!”, “ sok sing bebas!..”
Istri Juragan Menteri : “ Mangga, dileueut atuh…”
Loisel & Nyi Loisel : “Hatur nuhun….”

—— Nyi Loisel ngobrol jeung Ibu Menteri———-
——Loisel jeung babaturannana —————-

Babaturan Loisel : “Geulis pisan euy, pamajikan manéh téh”
Loisel : “Saha heula atuh,…salakina kasép ogé, nya?”

Latar :
Manéhna Jigrah, bungah, bungangang, lat poho di kalaipan. Teu rék kitu kumaha, mungguh geus hasil ngararasakeun berekahna kageulisan, éstu laksana tinemu bagja. Bagja anu pohara meunang pangajén ti balaréa. Sakabéh pamuji, sakur harepan nu nguniang katut kabagjan harita ku manéhna karasa éstuning gembleng tur pohara ni’matna.
Pésta kakara lekasan kajanarinakeun kira tabuh opatan. Salakina mah ti tengah peuting kénéh gé geus lelenggutan dina patamuan leutik, dibaturan ku lalaki tiluan nu pamajikanana pada-pada saruka bungah anu pohara.Geu kitu manéhna ngajak balik da bisi katingalieun ku kaom istri séjénna.
Nyi Losel : “ Kang, hayu ah urang balik!”
Loisel : “Hayu atuh.”
Latar :
Duaan nalikreuh tepi ka imahna, awakna ngadégdég katirisan. Gap kana simbut nu ngarungkupan pundukna, dilaan hareupeun kaca, sasat nyacapkeun kabungahna harita. Ana kocéak téh Nyi Loisel ceurik.
Nyi Loisel : “Aduh Akang,…kalung téh leungit” …
Loisel : “Ku naon, Nyai?”
Nyi Loisel : “Aduh, ieung… Gusti… kalung Nyi Mas Forestier téh murag sigana mah.”
Loisel : “Baruk leungit? Piraku. Ah, pamohalan!”
Latar :
Jung salakina indit ka kantor pulisi.
Loisel : “ Pa, abdi lapor, pun bojo téh ical kalung berlian.”
Pulisi : “Sok, tulis di berita acara kehilangan”
Loisel : “Mangga”
Latar :
Masang iklan dina koran gé dilakonan, bari diémbohan yén sakur nu manggihan baris diperesénan. Pokona mah satékah polah metakeun tarékah susuganan barang téa kapanggih deui.
Loisel : “Pa, abdi bade mang iklan di koran”
Tukang Iklan : “ Iklan naon?”
Loisel : “ Iklan kaleungitan kalung berlian, jeung sebutkeun yén sakur nu manggihan baris diperesén”
Tukang Iklan : “ Mangga”
Latar :
Tepi ka saminggu, wéléh taya hasilna kokotéténgan téh. Tepi ka hiji kaputusan Loise rek ngagantian . Cepuk wadah kalung téh dibawa ka tukang perhiasan anu ngaranna natrat di dinya. Di hiji toko di Palais-Royal, teu burung aya kalung berlian anu teu dipiceun sasieur jeung nu leungit téa.
Loisel : “Pa, kalung anu wadahna jiga kieu mésérna ti dieu? “
Tukang perhiasan : “Leres, pangaosna opat ratus rébu franc”
Loisel : “Tong sakitu atuh….”:
Latar :
Sanggeus adutawar, éta kalung téh bisa dibeuli ku pangaji tilu puluh genep rébu.
Ka nu dagangna, maranéhna neneda sangkan éta kalung tong waka dikaluarkeun jero tilu poé mah. Loisel boga dalapan welas rébu franc titilar bapana. Kakuranganna mah deuk nginjeum baé.
Nya terus manéhna nganjuk ngahutang. Sarébu franc ti si ieu, lima ratus franc ti si itu, lima louis ti nu ieu, tilu louis ti nu itu. Trét nanda kuitansi, pok ngedalkeun jangji, sok nampa duitna ti nu tukang rénten katut sakabéh nu ngahutangkeun duit ka manéhna. Éstuning lahlahan, dalah cék saréatna nékad, da puguh rumasa can kaerong kumaha naurna. Geus kacipta beuratna jaga, awak ruksak batin gering. Nya dina kaayaan kitu manéhna indit ka toko perhiasan pikeun meuli kalung anyar téa, golosor duit nu tilu puluh genep rébu franc téh dibayarkeun.
Nyi Loisel masrahkeun éta kalung ka Nyi Forestier.
Nyi Loisel : “ Punten Nyi, nembe tiasa masrahkeun ayeuna”
Nyi Forestier : “Sugan téh rék mulangkeun gancang-gancang, da kapan di dieu gé sok perelu.”
Latar :
Nyi Loisel sadar yén geus wayahna kudu ngarandapan hirup susah. Satékah polah manéhna milu ripuh, tisuksuk tindungdung. Puguh wé hutang salaput hulu téh kudu ditaur. Manéhna geus nawaétu hayang ngalunasan. Babu dititah balik, imah pindah, tepi ka nyéwa rohangan leutik anu hateupna rupeuk minangka padumukanana.Ti harita manéhna ngalaman héséna ngurus rumah tangga, kapaksa kudu daék digawé di dapur. Pon kitu deui salakina, digawé unggal soré, ngurus kas sawatara sudagar, tepi ka peuting téh sok meunang lima sous sakaca.
Hirup kitu téh aya kana sapuluh taunna……………
Jangkep sapuluh taun kabéh hutang téh kabayar.
Ayeuna mah Nyi Loisel téh katémbong geus kolot.
Poé Minggu, basa manéhna keur leuleumpangan di Champ-Elysées minangka hiburan ahir minggu, katémbong aya awéwé. Barang disidik-sidik, horéng Nyi Forestier, masih ngora kénéh, geulis kénéh, pikayungyuneun kénéh. Nyi Loisel ngarandeg sajongjongan. Naha wawuheun kénéh kitu ka kami? Ah, piraku teuing pohoeun. Hutang geus lunas ieuh, ah, deuk didongéngkeun wé naon nu karandapan téh. Ongkoh naon salahna?
Nyi Loisel : “Geuning Nyi Forstier ieu téh.”
Nyi Forestier: “Euh, punten, dupi Aceuk téh nu ti mana téa? Henteu kasamaran mah, Ceuk?”
Nyi Loisel : “Apan abdi téh Anne Loisel téa. Émut kénéh?”
Nyi Forestier: “Aéh-aéh, geuning Anne. Na mani pangling kieu?”
Nyi Loise : “Nyéta atuh ti barang tepung harita téa kuring ngarandapan pangalaman anu pohara beuratna, tur kabéh alatan Nyai…”
Nyi Forestier: “Alatan kuring? Ké, ké, kumaha téa?”
Nyi Loise : “Inget kénéh teu kana kalung berlian anu diinjeumkeun ka kuring basa rék ka pésta Commissionér téa?”
Nyi Forestier: “Oh, enya. Puguh wé inget kénéh.”
Nyi Loise : “Tah, saenyana mah éta kalung téh leungit.”
Nyi Forestier: “Leungit kumaha? Kapan harita gé geus dipulangkeun deui.”
Nyi Loise : “Enya, ari mulangkeun téa mah. Tapi nu dipasrahkeun ka Nyai téh saenyana mah kalung anyar nu teu béda ti nu diinjeum, minangka gagantina. Nya, pikeun mémérés risikona kuring kadua akangna perelu waktu sapuluh taun. Kabadé meureun da puguh keur kulawarga kuring anu sakieu taya boga mah ngumpulkeun waragad sakitu téh teu babari. Tapi keun lah, da geus kajadian, tur kuringna gé geus ihlas satemenna.”
Latar :
Sajongjongan mah Nyi Forestier kalah olohok mata simeuteun.
Nyi Forestier: “Jadi, Nyai téh tepi ka meuli kalung berlian pikeun ngagantian kalung kuring. Kitu?”.“Enya. Naha teu katara kitu? Padahal mah ukur mirip baé nya.”. “Gusti! Deudeuh teuing Anne! Kapan anu baréto diinjeumkeun téh kalung palsu. Pangajina gé moal leuwih ti lima ratus franc!”

Naskah Proklamasi

Ku DHIPA GALUH PURBA

BABAK I

Diawali dengan Tatalu (Menabuh gamelan untuk memanggil para penonton). Kemudian muncul para ronggéng, yang menampilkan tarian rakyat. Ki Panjak masuk aréna setelah tarian selesai. Lalu menyalakan oncor, sekaligus membuka pergelaran longsér.

Pa Guru masuk aréna dengan raut wajah yang kusut. Berjalan mondar-mandir, seperti yang tengah memikirkan suatu masalah yang sangat berat.

Hadirin

Kunaon Pa Guru? Mani siga anu nuju baringung kitu?

Pa Guru

Enya puguh euy. Kuring téh lamun jalma mah, keur jangar bin rieut bin baluweng bin parusing bin sagala rupa pokona mah.

Hadirin

Deudeuh teuing. Na nuju ngémutan naon atuh Pa Guru téh?

Pa Guru

Euweuh deui anu dipikiran ku kuring mah, Jang. Ukur barudak. Beuki dieu téh asa leuwih balangor baé. Hariwang kuring téh, cacakan karék jadi budak SD, geus sakitu mancangulna. Komo deui lamun geus sakola di tingkat nu leuwih luhur deui. Rék kumaha jadina atuh bangsa urang téh.

Hadirin

Na kumaha kitu Pa Guru? Naha barudak téh tos wani ngalawan ka guru ayeuna mah?

Pa Guru

Is, lain ngalawan deui ieuh! Baredang or barandelna ogé, geus ngaleuwihan batas kailaharan. Si Aték, poé mangkukna katohiyan keur lalajo orkés di Cigeuri. Padahal bébéjana mah apan gering ripuh. Tuluy Si Mélon anu geus ngadeukeutan kana anarkis mah. Poé kamari pisan Si Éta wani-wani malédogan kaca kelas.

Hadirin

Pédah naon éta téh Pa Guru?

Pa Guru

Teu pira pasualanna mah. Pilakadar buukna diturundulan. Keuheul atuda, bebenyit sagedé kitu geus hayang ngukut buuk panjang. Pajarkeun téh ngarah loba nu naksir cenah.

Hadirin

Teras, aya kajantenan naon deui Pa Guru?

Pa Guru

Yeuh, anu aktual kénéh mah, sababaraha bulan kaliwat, sakabéh barudak nyerbu imahna murid anyar.

Hadirin

Ké, ké, na asa rada kamalinaan teuing. Naon cenah masalahna nepi ka kitu?

Pa Guru

Éta mah gara-gara ngaran bapana murid anyar téa: Édi Tansil.

Hadirin

Alhamdulillah. Atuh ari kitu mah barudak téh jadi pahlawan. Apan aparat ogé geus teu metu néangan sakadang Édi Tansil téh.

Pa Guru

Heueuh lamun Édi Tansil anu korupsi mah, kuring ogé milu bungah. Da ieu mah Mang Édi Tansil, bapana Si Usro. Pagawéan sapopoéna ogé, sok buburuh macul di lembur Cigorowék.

Hadirin

Ooh…Upami kitu mah leres atuh, tos parah pisan barudak téh, Pa Guru. Komo deui upami papagah guru tos henteu digugu sareng ditiru mah, hartosna guru téh tos ical komara-na.

Pa Guru

Bisa jadi kitu. Mangkaning euweuh nu dagangna komara mah, nya. Aya ogé popotongan kuring, Komara Blézinky.

Hadirin

Atuda Pa Guru-na seueur teuing ngicalan buku sareng foto-kopian. Janten wéh Guru téh disamikeun sareng nu dagang.

Pa Guru

Ké, ké, kélanan. Naha ieu téh ujug-ujug los kana ngajualan buku? Da kuring mah ngajualan buku téh sangkan barudak bisa dialajar deui di imahna. Jeungna deui, da kuring mah tara ngabatikeun ieuh.

Hadirin

Apan ti penerbit-na aya discont 35 persén?

Pa Guru

Geus gandéng atuh. Éta mah itung-itung ladang mangmanggulkeun ti kantor ka jero kelas. Atuda silaing mah nyawang guru téh ngan ti sisi négatifna baé. Cik atuh sakali-kali mah teuleuman téh sisi positifna, da kasejahteraan guru SD téh kurang diperhatikeun. Geus mangalam-alam kuring téh ngontrak jeung ngontrak, can kungsi kabiluyungan boga imah…

Hadirin

Tos, tos, Pa Guru, teu kénging ambek-ambekan kitu. Teu saé éta téh.

Pa Guru

Na teu meunang lamun guru ngambek? Ditincak-tincak teuing mah, sireum ogé bakal nyoco. Guru ogé da sarua sireum atuh, aéh sarua jelema…

Hadirin

Sumuhun, abdi ogé ngartos. Namung ieu mah uih deui kana perkara barudak bangor téa. Cik upami numutkeun pamendak Pa Guru, naon anu ngalantarankeun barudak ayeuna karitu peta téh?

Pa Guru

Loba. Loba pisan. Lobaaa… pokona mah. Mister Loba-loba, Mister Loba-loba…

Hadirin

Cobi atuh, salah sahiji alatan naon?

Pa Guru

Di nagara urang téh loba teuing kajadian huru-hara; perang, kerusuhan massal, démontrasi anu anarkis, jeung réa-réa deui. Réformasi ku réformasina, remen disalah hartikeun, kalah loba anu parebut korsi. Tah, perkara éta téh jelas mangaruhan pisan kana psikologis barudak. Mangkaning barudak mah apan sok satingali-tingalina, anu lain tingalieunana. Sok sadéngé-déngéna, anu lain déngékeuneunana. Jeung sok saambeu-ambeuna, anu lain ambeueunana. Piraku sugan ari kuring kudu nyalonkeun persidén mah, kuriak barudak moal kaurus atuh.

Hadirin

Paingan atuh ana kitu mah. Kahartos, kahartos.

Pa Guru

Taktagé kitu tah, bisi silaing hayang nyaho mah. Jaba ayeuna téh kuring keur nyanghareupan hiji murid anu super mahiwal. Keur odob kabina-bina téh, katambah ciriwisna moal aya dua. Bandel kabina-bina. Surup jeung ngaranna; Buruy Odob The Katotoloyoh. Geus lima taun, ngan hayoh baé ngendog.

Hadirin

Atuh bararau panginten?

Pa Guru

Lain ngendog kitu maksud kuring téh. Ieu mah ngendog téh disawang tina jihad konotasi. Hartina tara naék kelas.

Tiba-tiba muncul Mang Upan dengan tergesa-gesa.

Pa Guru

Aya naon, Mang Upan? Mani siga nu diudag hansip baé.

Mang Upan

Tiwas, Pa Guru, tiwas…!

Pa Guru

Tiwas nanahaon, ari Mang Upan? Saha anu tiwas téh? Sing pararuguh méré warta téh, kudu keuna unsur 5 W pleus 1 H-na. What?

Mang Upan

Tangkal cau

Pa Guru

Where?

Mang Upan

Nu palih kulon, Pa Guru.

Pa Guru

Who?

Mang Upan

Si Buruy

Pa Guru

Why?

Mang Upan

Diliangan.

Pa Guru

When?

Mang Upan

Bieu pisan, Pa Guru.

Pa Guru

How?

Mang Upan

Ah, teu wasa nyariosna, Pa Guru. Pokona mah 17 taun dot com.

Pa Guru

Lamun silaing kuliah di Jurnalistik, geus tangtu moal lulusna téh. Hayoh caritakeun sing bener!

Mang Upan

Sumuhun kieu, Pa Guru, Tangkal cau anu palih kulon barolong saageung-ageung kieu.

Pa Guru

Kutan? Enyaan ieu téh?

Mang Upan

Ih, sok teu percanten ari ka abdi téh. Leres pisan éta téh, Pa Guru. Malihan bieu mah kaperego pisan Si Buruy nuju ngaliangan tangkal cau anu badé dituar téa.

Pa Guru

Gusti Nu Agung. Nepi ka kituna. Naudzubillahimindalik. (Kepada Hadirin) Ari maranéh ngarti, nepi ka aya kajadian kitu téh?

Hadirin

Numawi rada teu ngartos ieu téh. Cik atuh écéskeun ku Pa Guru.

Pa Guru

Ah, pokona mah ieu kajadian téh dilantarankeun loba film atawa sinétron anu ngaéksploitasi séksual. Komo deui ayeuna mah aya istilah duét paéh atawa goyang jétpam téa geuning. Tah nu samodél kitu téh jelas-jelas bisa ngaruksak moralitas barudak, da puguh bisa dilalajoanan bébas na télévisi téa. Teu anéh lamun loba kajadian anu matak hareneg irung téh. Saperti; kasus Cigorowék Lautan Asmara, kasus késting sabun colék, jeung kasus-kasus séjénna. Loba kajadian anu bureuyeung méméh kawin, pemerkosaan, pelécéhan séksual, jeung sajabana.

Hadirin

Tapi naha éta téh leres, diakibatkeun ku munculna Si Goyang Jétpam?

Pa Guru

Bisa jadi, éta salah sahijina. Tapi kalintang teu adilna, lamun urang ngaduduh ukur ka hiji jalma. Komo deui nyebutkeun Si Manéhna henteu bermoral mah. Tong loba teuing ngomong perkara moralitas lah, jeung kuring mah. Lamun rék madungdengkeun moralitas, sakabéh télévisi ogé geus kudu dibrédél tah…!

Hadirin

Apan Pa Guru, anu nyarios moralitas mah.

Pa Guru

Aéh heueuh nya. Jero teuing nyarita filsafat téh. Nepi ka mana bieu téh?

Hadirin

Sumuhun, tongtonan sarupi kitu téh, tos dugi ka mana dampakna ka barudak?

Pa Guru

Na ari silaing, kalah nanya deui. Apan sidik pisan; kasus ngaliangan tangkal cau téh, minangka salah sahiji réalitasna, you now?

Bu Guru muncul dengan gugup.

Bu Guru

Assalammu’alaikum Pa Guru, euh… aéh…

Pa Guru

Waalaikum salam, geulis, aéh Bu Guru. Kunaon mani siga anu grogi kitu? Biasa-biasa wéh atuh, teu kedah nyirikeun teuing.

Bu Guru

Dupi, dupi… Juragan Kepala nyondong?

Pa Guru

Apan Juragan Kepala mah nuju rapat di sareng Déwan Sekolah. Tapi bisi aya masalah mah, mending wakca baé ka kuring. Sabab Juragan Kepala geus ngalimpahkeun tugas-tugasna ka kuring.

Bu Guru

Kieu, Pa Guru. Abdi téh reuwas kabina-bina. Geuning barudak téh ayeuna mah tos kamalinaan. Piraku abdi nuju ngajar, kalah disaruitan sareng dicaletrakan. Keuheul abdi téh. Keuheul pisan. Ari abdi ngambek, kalah digeuhgeuykeun kieu: Ibu Alis kalau lagi marah téh, kalah nambihan geulis dan manis.

Pa Guru

Mémang enya da. Bu Alis mah rék kukumaha ogé, bakal tetep geulis. Cacak lamun kuring can boga Si Teueul mah…

Bu Guru

Geuning Pa Guru téh taya binana sareng barudak?!

Pa Guru

Aéh, aéh, aya ku poho. Hampura pisan, kalepasan bieu mah. Omat, ulah dianggap heureuy nya. Matakna Bu Alis téh kudu diajar ékting ngambek anu pikasieuneun. Sok geura, asup kuliah ka STSI Bandung, nyokot Jurusan Téater.

Bu Guru

Kumaha ari Pa Guru téh? Kalah ngalér-ngidul kitu. Ieu kumaha masalah barudak? Si Buruy mah bieu ogé tos wantun ngirim surat cinta sagala.

Pa Guru

Deuleu étah! Kabina-bina teuing éta bebenyit. (Kepada Mang Upan) Cik kadituh, jiwir Si Buruy téh ka dieu!

Mang Upan meninggalkan arena.

Pa Guru

Cing ningali surat ti Si Buruy téh.

Bu Guru

Mangga, ieu Pa Guru (Memberikan sepucuk surat)

Pa Guru membuka surat tersebut. Lalu membacanya dengan keras. Bersamaan itu pula, Juragan Kepala muncul dari belakang Pa Guru.

Pa Guru

(Membaca Surat) Bu Alis, di matamu aku menemukan pancaran kedamaian. Dalam sikapmu, aku menemukan telaga keteduhan. Akan kubangun istana cinta, walau harus bertiang derita dan beratap air mata. Oh, Bu Alis, sehitam jelaga jalan yang harus kutempuh, semerah api derita yang harus kujalani, namun seputih salju sayangku padamu. Oh..Bu Alis, seandainya…

Juragan Kepala

(Memotong sambil membentak) Meunggeus, meunggeus! Ieu téh rék ngajar murid, atawa rék bobogohan?

Pa Guru

Euh, Pa, aéh…Juragan

Juragan Kepala

Is no good boga kalakuan siga kitu téh. Salaku guru, kuduna méré conto anu hadé ka sakabéh murid, lain kalah bobogohan di kantor. Euweuh kaéra pisan, sakitu budak barongkéakan téh.

Pa Guru

Sanés, Juragan, ieu mah…

Juragan Kepala

Étah-étah, loba pisan alesan nya. Pokona mah lamun rék bobogohan, aya aktu jeung tempatna anu leuwih merenah, lain di kantor guru.

Bu Guru

Namung, da ieu mah…

Juragan Kepala

Gandéng lah! Sugan téh artis wungkul anu sok beuki cilok téh. Geuning guru ogé kajadian cinta lokasi. (Kepada Bu Guru) Kalahka siah, kakara ogé poé mangkukna, nyebutkeun nyaah ka kuring téh.

Hadirin

Ooh…Juragan Kepala téh timburuan.

Juragan Kepala

Nya puguh atuh. Apan kuring téh geus paheut jangji, rék unggah ka balé nyungcung, geusan sapapait samamanis ngayonan ieu kahirupan. Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak, sabobot sapihanéan, téng manuk téng anak merak kukuncungan…

Mang Upan muncul, menggiringkan Si Buruy.

Juragan Kepala

Aéh, aéh, nanahaonan ieu budak dibawa kadieu? Apan keur dialajar lin?

Mang Upan

Har, apan abdi téh dipiwarang nyandak ieu murangkalih ku Pa Guru.

Pa Guru

Tah, leres éta téh Juragan. Margi kieu, anu bogoheun ka Bu Guru téh sanés sim kuring. Namung nya murangkalih ieu pisan. Mangga waé uningaan serat cinta-na ku Juragan.

Mang Upan

Sumuhun kitu, Juragan. Abdi mah badé permios deui baé, margi pameng ngantunkeun hanca padamelan.

Mang Upan meninggalkan arena. Sedangkan Juraga Kepala membaca surat Si Buruy dengan serius. Tampak Juragan Kepala sangat kaget.

Juragan Kepala

Nya hampura baé atuh, Pa Guru. Ari sugan téh lain bebenyit ieu, anu boga lampahna.

Pa Guru

Wios, wios.

Juragan Kepala

Tong bari molotot atuh, nyebut wiosna.

Pa Guru

Sumuhun wios!

Juragan Kepala

Lain, Pa Guru. Kuring téh kabeneran deuih, aya perelu ka ieu bebenyit. Yeuh, bisi hayang nyaho mah…

Juragan Kepala berbisik kepada Pa Guru beberapa saat. Pa Guru mengangguk-anggukan kepala.

Juragan Kepala

Bener, hidep téh bogoh ka Bu Guru?

Buruy

Leres, Juragan. Sing wantun sumpahna ogé, moal…moal ngaheureuykeun abdi mah. Saksina ogé bumi sareng langit.

Juragan Kepala

Deuleu étah! Berenyit sagedé cileuh kieu, geus hayang bobogohan.

Buruy

Da cinta mah, henteu pandang usia, Juragan.

Juragan Kepala

Heueuh ari kituna mah. Tapi apanan hidep téh sakola ogé henteu naék baé. Rék kumaha bisa digawé? Rék kumaha ngabiayaan bobogohan? Mangkaning bobogohan téh merelukeun modal.

Buruy

Cinta sajati mah, teu kedah nganggo modal, Juragan.

Juragan Kepala

Geus gandéng lah! Siga nu heueuh baé. Cinta sajati tujuh mulud siah! Cinta sajati mah ukur sawangan jalma tukang ngimpi! Cinta sajati ukur sawangan jalma tukang ngumbar imajinasi!

Hadirin

Dulur-dulur, sigana mah Juragan Kepala téh timburuan ka Si Buruy.

Juragan Kepala

Geus, jempé, jempé! Kuring mah lain merkarakeun nu kitu patut. Wirang wéh deuih, ari kudu timburuan ka jajalmaan mah. Lain lépel! Nu jadi pasualan mah, ieu budak geus teu boga étika pisan. Leuheung basa lamun pinter, da ieu mah nurutkeun laporan ti Bu Guru ogé, kacida odobna. (Kepada Si Buruy) Geus sabaraha kali hidep téh, henteu naék kelas?

Buruy

Nembé lima kali, Juragan.

Pa Guru

Lain ogé nembé, ari lima kali mah.

Juragan Kepala

(Kepada Pa Guru) Geus cicing heula atuh, Pa Guru. Kuring can nitah ngomong! (Kepada Si Buruy) Yeuh, regepkeun ku hidep. Dina taun ayeuna mah, hidep bisa naék kelas, asal bisa nedunan saratna baé. Daék atawa henteu?

Buruy

Kumaha upami Bu Guruna anu maksa bogoheun?

Juragan Kepala

Aéh, aéh, naha bet kalah jig-jigan kana urusan bobogohan.

Buruy

Da tangtosna ogé, saratna téh; abdi ulah bogoh ka Bu Guru.

Juragan Kepala

Lain, lain…! Lain éta saratna mah. Perkara hidep bogoh ka Bu Guru, pék téh teuing, ari Bu Guruna daékeun mah, da moal dihalang-halang.

Buruy

Naon atuh saratna, juragan?

Juragan Kepala

Jawab heula, sanggup atawa henteu?

Buruy

Mangga atuh lah.

Pa Guru

Tong maké ‘lah’ atuh, nyebut manggana. Siga nu kapaksa baé euyna mah.

Buruy

Mangga, Pa Guru. Mangga, Juragan.

Juragan Kepala

Regepkeun yeuh, ukur hiji saratna mah…

Buruy

Interupsi! Sanés lima, sarat sah-na nikah mah, Juragan? Pangantén istri, pangantén pameget, wali, saksi, pleus ijab qobul.

Juragan Kepala

Na ari hidep, sok motong caritaan kolot atuh. Tong dibiasakeun éta téh. Teu sopan, nyaho!

Buruy

Nyaho, aéh sumuhun mangga, Juragan.

Juragan Kepala

Balikan deui yeuh. Ukur hiji saratna sangkan hidep naék kelas. Nyaéta hidep kudu ngajawab pananya ti kuring; saha anu nandatangan naskah proklamasi? Sakali deui; saha anu nandatangan naskah proklamasi?!

Buruy

(Ketakutan) Sanés, sanés abdi, juragan.

Juragan Kepala

Heueuh saha?

Buruy

Duka, Juragan, da abdi mah teu terang. Sanés, sanés ku abdi, Juragan. Sumpah, Juragan. Saksina ogé bumi sareng langit…

Tiba-tiba muncul Bi Iwah (Pedagang di sekolah).

Bi Iwah

Punten, Juragan, Ibi seja ngadeuheus. Aya anu badé didugikeun kalayan urgent pisan.

Buruy

Juragan, hoyong ka pengker heula.

Juragan Kepala

Cicing siah, can bérés. (Kepada Bi Iwah) Aya naon Ibi? Pok geura nyarita!

Bi Iwah

Kieu juragan, isin-na mah nataku. Isin pisan. Namung dalah dikumaha atuda, Ibi téh tos séépeun pisan modal…

Juragan Kepala

Ké, ké, kélanan, Ibi. Naha béakeun modal, kalah los-los ka dieu? Yeuh, Ibi, najan kuring sok ngajar sarupaning utang-itung duit, tapi lain hartina kuring loba duit…

Bi Iwah

Sanés kitu, Juragan. Ibi mah teu gaduh maksad nambut artos ka Juragan.

Juragan Kepala

Enya, sok atuh nyarita sing bener. Ulah waka ditémpas, Pa Guru!

Bi Iwah

Juragan, salami ieu téh seueur pisan barudak anu sok ngaranjuk ka warung Ibi. Leuheung basa lamun arémut kana mayarna. Da ieu mah siga anu haré-haré baé. Malah dinten ieu téh, Ibi teu tiasa icalan, da séépeun pisan modal.

Juragan Kepala

Kutan?

Bi Iwah

Leres juragan, piraku Ibi ngabohong. Tah, murangkalih ieu pisan anu pangseueurna ngajeblug téh. Tos mangalam-alam henteu mayar baé.

Juragan Kepala

Oh, enya, enya, ngarti ana kitu mah. Keun Bi, ieu perkara wang prosés ku kuring, salaku kapala sakola. Ayeuna mah Ibi geura mulang baé heula.

Bi Iwah

Hatur nuhun pisan, Juragan. Diantos di péngkolan, aéh di rorompok…

Bi Iwah meninggalkan arena. Juragan Kepala menatap tajam kepada Si Buruy.

Juragan Kepala

Paingan atuh hidep téh ngadadak hayang ka cai. (Menarik napas sesaat) Bener hidep téh loba hutang ka Bi Iwah?

Buruy

Teu pisan-pisan, Juragan. Saksina ogé…

Pa Guru

Langit jeung bumi.

Juragan Kepala

Cik atuh, Pa Guru, geroan deui Bi Iwah téh

Buruy

(Kaget) Leres kétang, Juragan. Namung da…ukur sakali, Juragan. Tilas cilok sakali, tilas sorabi sakali, tilas comro sakali, tilas ciréng tilu sakali…

Juragan Kepala

Geus, geus! Teu hadé hidep boga kabiasaan kitu téh. Boro-boro can bisa ngala duit, dalah sing geus bisa usaha ogé, ulah dibiasakeun unjak-anjuk, bisi jadi adat kakurung ku iga. Sok wéh ayeuna jawab, naha boga keur mayarna?

Buruy

Ayeuna mah teu acan gaduh, Juragan. Namung…euh…

Bu Guru

Sawios, ku abdi wéh dipangmayarkeun…

Pa Guru

Emh, aya ku ngeunah Si Buruy. (Kepada Bu Guru) Sakalian atuh jeung nu kuring, urut kamari nyokot udud…

Juragan Kepala

Étah, étah, aya ku saruana nya Pa Guru.

Pa Guru

Sanés nganjuk abdi mah, Juragan. Kamari téh kaleresan teu aya pulangna di Bi Iwah. Artos abdi duaratus rébu salambar…

Si Buruy menangis.

Juragan Kepala

Tah déngékeun ku hidep, kurang kumaha nyaahna Bu Guru téh. Tapi omat, hidep téh ulah gé-ér. Bu Guru mangmayarkeun hidep téh, lain hartina Bu Guru bogoh ka hidep. Sanés kitu, Bu Guru?

Bu Guru

Leres pisan éta téh, juragan. (Kepada Buruy) Yeuh, Buruy, Ibu mah nyaah pisan ka hidep téh. Ibarat kanyaah indung ka nu jadi anakna sorangan

Si Buruy semakin keras menangis.

Juragan Kepala

Geus gandéng, teu kudu méwék sagala. Goréng katingalina ogé. Ayeuna mah geura pok jawab, saha anu nadatangan naskah proklamasi téh?

Buruy

(Sambil Menangis) Da abdi mah teu terang, Juragan. Sumpah. Saksina ogé…

Pa Guru

Langit jeung bumi.

Juragan Kepala

Nya enggeus atuh, ari teu apal mah. (Kepada Bu Guru) Jung atuh, bawa deui ka kelas budak téh

Bu Guru

Mangga, Akang, aéh…Juragan. Permios atuh. Assalammu’alaikum.

Bu Guru meninggalkan arena sambil menuntun tangan Si Buruy.

Juragan Kepala

Kumaha tah, lamun geus kieu Pa Guru? Naha kudu ditepungan baé kolotna?

Pa Guru

Kitu saé, Juragan. Abdi mah ngiringan waé.

Juragan Kepala

Hayu atuh, ulah diengkékeun deui, ngarah teu beurang teuing. Sakalian deuih nguruskeun perkara Bi iwah.

Juragan Kepala dan Pa Guru meninggalkan arena.

Sebelum memasuki babak selanjutnya, diselingi dulu dengan tarian rakyat.

3 Tanggapan to “Gapura”

  1. heuheuh deudeuh teuing lagu na hilap deui
    punten pisan ka pa koko koswara anu ngadamel kawih ieu simkuring leres2 hilap deui

  2. akang..teu ngartos basa nu diangge na..
    aya nu kersa “nerjemahkeun” teu?
    leres2 teu ngartod😦 whuhwauhu..

  3. ma enya teu ngartozzz,,,urang bandung saness

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: