Beu konser ungu

dinten saptu ping 17 mei 2008 simkuring niat rek ka cikajang, ku sabab aya rapat TC di bumina bu eti di jalan jurang,atuh rada sonten miang teh, barang ngalangkung ka Tegal Lega asa rame pisan kulantaran panasaran kuring ti tuturubun turun tina beus kota nu sesek ku panumpang, sanajan hese beleke teu burung we bisa turun, singhoreng teh aya acara suzuki anu nampilkeun band ungu, sabab ngarasa resep oge ka si pasa kuring maksakeun we lalajo, sarengsena sholat magrib di jama` jeung isya kuring buru-buru asup ka lapang najan beri sieun oge kuring ngangsreg pang hareupna,teu karasa beuki ka peuting beuki pinuh pisan lapanga teh ku jelema kolot-budak,awewe,lalaki. wanci geus jam sawelas peuting panggung ge geus eureun, kuring karek bisa kaluar tina rumunan jelema loba ,barang srog ka sisi lapang aya budak kira-kira 12 taunan keur ngagoler beri teu eureun-eureun utah, asa teu tega nya ku kuring di deukeutan, wah jang ente mabok da sungut na ge ka ambeu bau naga,duka jeung saha balikna eta budak teh da ku kuring di talek ge ngajawabna teh teu puguh, dasar jelema keur lieurrr mabok,,,,,,

Satu Tanggapan to “Beu konser ungu”

  1. Asw…

    kapan ajarin aku bahasa sunda euy!?

Tinggalkan komentar