Lagu: Mang Koko
Rumpaka : Wahyu Wibisana
Mun sareupna geus mimiti
Katémbong nyimbutan Bandung
Angin Lémbang turun laun, ngabubuhan
Langit mayung bulan beukah
Mangkat hiji lagu
Kedaling katineung ati, aduh
Mun karéta pangahirna
Geus anjog ka Kota Bandung
Sinyal beureum malang deui, ngahalangan
Kota hurung béntang mijah
Ngaleu hiji lagu
Kedaling kasmaran pikir, aduh
Haréwos peuting marengan hiji lamunan
Bulan di langit Bandung nyaangan
Ngagenténan paneuteupna pangimplengan
Langit isuk angger biru, nya eulis
Duh angger biru
Hariring peuting pamirig hiji impian
Bulan di langit Bandung nyaksian
Wawakil ti pameunteuna panineungan
Kembang mawar angger beureum, nya eulis
Duh angger beureum
Mun radio geus karungu
Nembangkeun lagu pamungkas
Mirig sora ancad halon, pileuleuyan
Peuting cicing, kota jempling
Jerit hiji lagu
Kedaling kakeueung haté, deudeuh
Mun balébat gagatrina
Geus hibar wétaneun Bandung
Angin nonggoh lalaunan muru Lémbang
Bulan surup langit biru
Tamat hiji lagu
Harepan tembong ngalangkang, aduh
SERAT SALIRA
Serat salira, wengi tadi tos katampi
kantenan jungjunan, kantenan mungguh éwuhna
disangki serat katresna, sabudeureun cinta urang
geuningan lepat dugaan, mundut mundur pipisahan
Serat salira dina jajaran kalima
unggelna teu wasa, mun kedah midua haté
teu sapuk sareng aturan, sok sieun teu kabadanan
cangcaya moal laksana, mendak bagja sasarengan
Teu nanaon jungjunan, teu nanaon
mun kitu kapalay salira
lelembutan ngajerit nungkupan diri
teungteuingeun téga téh kamalinaan
Nu munggaran urang tepung luhur panggung
sutra genas nu nyacas kiwari kantun ngahelas
imut-imut nu kamari, teuteup surti nu kamari
Ayeuna duka kumaha, pajar urang pileuleuyan
