BUlan bandung panineungan
Lagu: Mang Koko
Rumpaka : Wahyu Wibisana
Mun sareupna geus mimiti
Katémbong nyimbutan Bandung
Angin Lémbang turun laun, ngabubuhan
Langit mayung bulan beukah
Mangkat hiji lagu
Kedaling katineung ati, aduh
Mun karéta pangahirna
Geus anjog ka Kota Bandung
Sinyal beureum malang deui, ngahalangan
Kota hurung béntang mijah
Ngaleu hiji lagu
Kedaling kasmaran pikir, aduh
Haréwos peuting marengan hiji lamunan
Bulan di langit Bandung nyaangan
Ngagenténan paneuteupna pangimplengan
Langit isuk angger biru, nya eulis
Duh angger biru
Hariring peuting pamirig hiji impian
Bulan di langit Bandung nyaksian
Wawakil ti pameunteuna panineungan
Kembang mawar angger beureum, nya eulis
Duh angger beureum
Mun radio geus karungu
Nembangkeun lagu pamungkas
Mirig sora ancad halon, pileuleuyan
Peuting cicing, kota jempling
Jerit hiji lagu
Kedaling kakeueung haté, deudeuh
Mun balébat gagatrina
Geus hibar wétaneun Bandung
Angin nonggoh lalaunan muru Lémbang
Bulan surup langit biru
Tamat hiji lagu
Harepan tembong ngalangkang, aduh
SERAT SALIRA
Serat salira, wengi tadi tos katampi
kantenan jungjunan, kantenan mungguh éwuhna
disangki serat katresna, sabudeureun cinta urang
geuningan lepat dugaan, mundut mundur pipisahan
Serat salira dina jajaran kalima
unggelna teu wasa, mun kedah midua haté
teu sapuk sareng aturan, sok sieun teu kabadanan
cangcaya moal laksana, mendak bagja sasarengan
Teu nanaon jungjunan, teu nanaon
mun kitu kapalay salira
lelembutan ngajerit nungkupan diri
teungteuingeun téga téh kamalinaan
Nu munggaran urang tepung luhur panggung
sutra genas nu nyacas kiwari kantun ngahelas
imut-imut nu kamari, teuteup surti nu kamari
Ayeuna duka kumaha, pajar urang pileuleuyan
Juli 14, 2009 pada 11:58 pm
Lembur Kuring
Na dimana, na di mana lembur kuring
Di nu anggang pagunungan
Ngenes ngangres duh tibelat nya pipikiran
Matak waas jeung kagagas
Ari ras émut ka lembur
Andon suka jeung nalangsa
Pangabetah pangulinan
Ka bali geusan ngajadi
Pulangkeun kuring pulangkeun
Pulangkeun ka balé pulang
Lemah cai dunungan da geusan betah
Lembur matuh, naha atuh
Milih Bandung kota kembang
Bandung nu heurin ku tangtung
Sasakala Sangkuriang
Kalingkung ku gunung-gunung
Gunung Cupu mandala ayu
Hayu sindang ka Sumedang
Juli 14, 2009 pada 11:59 pm
aduhhhh..kang meni emut bandung tempo dulu……slm knal kang,,
Juli 15, 2009 pada 12:00 am
Katineung
Girimis nu jadi saksi
Lalakon urang duaan
Waktu urang babarengan
Ngaleupas kasono ati
Ngaleupas katineung asih
Kiwari tinggal waasna
Mun nyawang mangsa katukang
Meungkeut jangji rék ngahiji
Hanjakal henteu ngajadi
Jodo mah kagungan Gusti
Saliwat anjeun asa némbongan
Ngalangkang mawa kamelang
Kabayang anjeun imut ngaheureuyan
Ngan hanjakal saukur kalangkang
Najan ayeuna urang geus paanggang
Najan jangji pasini teu ngajadi
Kapan tilas lalampahan urang duaan
Masih… narémbongan
Juli 15, 2009 pada 12:01 am
HAMDAN
Hamdan lirobbil ‘alamin
Allahu rohman warrohim
Qodkoruba faqul mubin
Innahu huwassamiul ‘alim
Puji kagungan Pangéran
Nu Maha Welas tur Héman
Gusti mangka muka pura bagja
Allahu ya Robbi Mantenna Maha Uninga
Solawat solawatan
Barokat barokatan
‘Ala Muhammad Rosulih
Wa’ala ali wa sohbih
Salam sinareng solawat
Muga nétés ka Muhammad
Natrat ka para karabat
Para ahli jeung sahabat.
Oktober 31, 2009 pada 7:27 am
ayo urang trus jaga basa sunda jeung budaya sunda….:)